Beneran Persib serius? Beneran Persib rek jadi juara Liga Super 2008? Moal siga kamari kitu? Moal siga baheula?
Lamun ningali pangalaman keur mimitian Liga dihijikeun, kan nu kahiji harita Persib, padahal teu make pemain mancanagara. Ayeuna mah geus dimimitian ku pamain asing, pelatih ge ti luar bandung, terus pamain ge sarua. Terus naha urang Jawa Barat satuju? Naha euweuh pamain asli urang bandung? Lamun enya alus, keun bae, contona si Nova, sanajan lain urang sunda, tapi maena teu ngerakeun, teu rugi mayarna oge. Tah, kitu Sib, kahayang kuring mah, mun geus euweuh nu alus, kakarak neangan.
Tapi, lamun enya Jaya Hartono profesional, ku kuring didukung milihan pamain, rek urang mana oge, nu penting tong ngerakeun jeung kudu sarua antara harga jeung kualitas maena. Aya berita alus, Maman rek ditarik ka Persib, salain Maman, Harry ge nuturkeun, mudah-mudahan si Atep jeung Supardi daek ngadeukeutan Bandung. Sigana mah si Atep teh hayangeun balik ka Bandung. Rek naon di Persija oge...?
Terus, kuring nanya ka pendukung Persib kaasup kuring, naha optimis Persib bisa NGOMONG di Liga Super 2008?
0 comments: on "persib, siap meunang di liga super 2008?"
Post a Comment